Naskah : Drama Sunda Tarung Karya Nunu Nazarudin Azhar [PDF]
![]() |
| Drama Tarung Karya Nunu Nazarudin Azhar |
Tarung
Naskah Nunu Nazarudin Azhar
1.
Panggung bisa keur sababaraha adegan.
Ma Siti jeung Darma asup. Ma Siti mawa binih satangkal, Darma mawa taneuh dina wadah. Duanana geus lalampahan jauh.
Darma : Jauh kénéh, Ma?
Ma Siti : Geus deukeut.
Darma : Deukeutna sakumaha, Ma?
Ma Siti : Ngukurna gé ku susuganan, nya teu bisa dipastikeun…
Darma : Di mana atuh tempat nu merenah téh?
Ma Siti : Tong loba humandeuar, hayu, bisi béakeun waktu…
Ma Siti jeung Darma leumpang deui. Duanana leuseuh, tapi maksakeun…
Lampu pareum.
2.
Panggung poék kénéh basa kadéngé sora sapatu, barisan sapatu, laju sora kendaraan, sora piriwit, sora buldoser, sora tangkal runtuh, sora wangunan nu diancurkeun…
Sora nu takbir. Sora nu ceurik kanyenyerian. Sora-sora awor.
Lampu caang lalaunan. Sababaraha urang Rahayat katémbong dina kaayaan teu walakaya pikeun mélaan harta bandana. Aya Pasukan Peteng nu ngepung. Aya mahluk-mahluk ahéng nu keur ngancurkeun kahirupanana.
Rahayat : Imah kuring!
Kadéngé sora nu seuri.
Rahayat : Kebon kuring!
Kadéngé sora nu seuri.
Rahayat : Tatangkalan kuring!
Kadéngé sora nu seuri.
Rahayat : Tempat ibadah kuring!
Kadéngé sora nu seuri.
............
Selengkapnya file naskah drama Tarung Karya Nunu Nazarudin Azhar [PDF] dapat diunduh [DI SINI]

Post a Comment