Naskah : Drama Sunda ‘Wanci Karya Ayi G. Sasmita [PDF]
![]() |
| Drama Sunda ‘Wanci Karya Ayi G. Sasmita |
Drama Sunda
‘WANCI
Ayi G. Sasmita
====Nu Maraén====
Ki Umbara
Ni Umbara
Utun
Amar
Princés
Budak Angon
Barudak
ADEGAN KAHIJI
DI HIJI TEMPAT HARAHARAEUN
KADEÉNGÉ SORA-SORA ANÉH, JIGA SORA NU KEUR DISKUSI, SORA NU CEURIK, SORA NU NGAJURU, OGÉ SORA CEURIK OROK ANYAR NGAJURU.
TEU SAWATARALILA DATANG SAURANG LALAKI KOLOT, BU’UK JEUNG JANGGOTNA NGARUMNBAY PANJANG NGEMBANG JAMBU. DATANG DUKA TIMANA JOLNA. MAWA CEMPOR.
KI UMBARA
Bagéa Alam Dunya…
Bagéa Alam Pawenangan…
Bagéa Alam Fana…
Bagéa Alam nu pinuh ku Kapalsuan..
Bagéa Alam nu reumbeuy ku kamunafikan…
Bagéa Utun..Bagéa Inji…Bagéa… Manusa….
Bagéa di alam pangumbaraan, Hiji tempat nu teu kungsi kasawang ku sakumna manusa saméméhna.
Tempat nu teu kungsi dipénta ku manusa sakumna saméméhna…
Tapi ieu mangrupa Dharma pikeun sakumna manusa nu hirup.
Ieu mangrupa jalan nu kudu disorang ku sakumna manusa anu brasna ka alam kalanggengan.
Teu bisa dipungpang, teu bisa disinglar, sakabéhna geus jadi Takdir nu natrat dina diri, sakumaha jangji nu geus disatujuan dina alam Saméméhna.
Sakabéh kajadian nu tumiba, geus kungsi ditémbongkeun, geus kungsi disaluyuan harita .
Jodona, patina, bagjana, cilakana, jalan kahirupanana… Ngan pédah kahalangan ku lalangsé poho. manusa kari ngajalanananna. Hamo bisa mungpang, hamo bisa mungkir, hamo bisa nyumput tina papastén…
Wanci mustari, mangsana geus datang….
Bagéaaaaa di Alam Pangumbaraann….!!!!
............
Selengkapnya file naskah drama ‘WANCI Karya Ayi G. Sasmita [PDF] dapat diunduh [DI SINI]

Post a Comment