Naskah : Drama Sunda Neang Sarakan Karya Dadan Sutisna [PDF]
![]() |
| Drama Neang Sarakan Karya Dadan Sutisna |
Drama Sunda
NÉANG SARAKAN
Karya Dadan Sutisna
1
Malem Jumaah. Kaayaan di tempat wisata “Bendungan Cilimpas” geus simpé. Lebah sasaungan basajan nu beurangna sok dipaké warung, aya sababaraha jelema saré ngaringkuk. Teu jauh ti wawarungan, aya parahu leutik paranti lalayaran ngurilingan bendungan nu sababaraha waktu katukang geus diresmikeun ku persidén. Éta parahu biasana sok diséwakeun ka saha baé nu daratang ka dinya ngadon piknik.
Peuting éta, aya opatan nu saré di lebah dinya téh. Bi Erum jeung Mang Ija, salakina, ngagojod di warung beulah kénca. Di warung beulah katuhu aya Nyi Onih, tukang loték jeung karédok, ngaringkuk disimbut samping kebat. Di jero parahu aya Jang Ahu, usahana kana nyéwakeun parahu téa.
Bulan reyem-reyem. Béntang célak-célak. Ti lebah bendungan, bangkong kungkong patémbalan jeung sora jangkrik.
Keur kitu kurunyung Mang Sukri anjog ka dinya. Mang Sukri téh sapopoéna jadi tukang parkir, purah mémérés mobil jeung motor. Barang jol gé tuluy baé niupan piriwit bari séwot sorangan.
Mang Sukri : Ya... kiri terus! Kanan eutik! Lempeng.... terus lempeng. Mundur opat
deupa. Ya... béakkeun ka kénca. Terus... eutik deui!
Mang Ija nu kakara pisan arék reup, hudang bari memener sarung. Gancang turun bari nyampeurkeun nu keur séwot markiran.
...
Selengkapnya file naskah drama Neang Sarakan Karya Dadan Sutisna [PDF] dapat diunduh [DI SINI]

Post a Comment