Naskah : Drama Babad Alam Jaga (Lain Dongéng Kiwari) Karya Yusef Muldiyana Subandi [PDF]
![]() |
| Naskah Drama Babad Alam Jaga |
BABAD ALAM JAGA
(Lain Dongéng Kiwari)
Karya: Yusef Muldiyana Subandi
BABAK I
ADEGAN 1 DUNYA PETENG. TEU TÉMBONG NANAON. KADENGE AYA NU NGAHARÉWOS. TEUING SAHA.
Tangkal téh déngdék ka kénca. Umurna geus leuwih ti sarébu abad. Ngaranna tangkal Ahéng. Daunna galaredé; leuwih gedé ti awak jelema. Tihang listrik “jaman néxt” nu tempatna rada jauh ti tangkal sarua déngdék ka kénca. Handapeun tangkal jeung tihang narumpuk dangdaunnan minuhan taneuh Daun bareulah tur garing nu geus mangrébu abad teu disapu. Tangkal, tihang jeung dangdaunnan katémbong caang. Duméh disebrot ku srangéngé anu songhék. Geus teu buleud. Pajar tangkal téh déwa.
DINA PETENG JLEG SI BOHÉNG AWAKNA HURUNG. KATEMPO DI NU POÉK.
BOHÉNG
Cai can datang kénéh waé. Telat di jalan. Karunya jelema, hayang nginum, hayang mandi, hayang ngisang, euweuh cai. Caiiiiii….!! Di mana anjeun caiiiiiii….? (LAJU KADÉNGÉ AYA SORA NU NGAWANKONG TAPI TEU KACIRI JINISNA. KUSABAB POÉK).
TRAGIWUL
Éta bonéka bacéo kénéh wayah kiwari.
J U R I M B L A
Pareuman geura ngarah teu gandéng waé!
TRAGIWUL
Heug.
BOHÉNG
Caiiiiiiiiii…..! Caiiiiiii…..!! Caiiiiiiiiiiiiiii……! (PAREUM)
ADEGAN 2
JUL JOL NU DAGANG CAI. NANAWARKEUN DAGANGAN KA SAHA WAÉ JALMA.
Selanjutnya untuk naskah drama Babad Alam Jaga full PDF, klik [di sini]

Post a Comment